Senin, Maret 18, 2013

RAHWANA MENCARI CINTA


RAHWANA MENCARI CINTA
 ‘The Great Alengka Kingdom’ ‘the greatest man of the year’ ‘King of Forest Blood’
Karya/sutradara Apip Catrixs

DRAMATIK PERSON
1.      Rahwana
2.      Sri Rama
3.      Dewi Sinta
4.      Hanoman
5.      Jatayu
6.      Buta 1
7.      Buta 2
8.      Buta 3
9.      Pasukan wanara
10.  Dayang-dayang

FADE IN
KABARÉT 1
Kacaritakeun di Aléngka, Paduka Raja Rahwana keur ngahuleung dibaturan ku para buta nu satia k manéhna.

RAHWANA
:
Cing atuh pangmalikirkeun euy... kumaha carana ieu ngubaran haté nu keur katarajang galau...duh Sinta kakasih kakang...
BUTA 1
:
Neda sihapunten paduka... naon punjulna atuh Sinta téh ? paduka dugi ka péngpéongan kitu ?
RAHWANA
:
Naa... ari ilaing... masalah cinta mah teu neuleu naon-naonna siah! Cinta mah buta... cinta téh lir kalangkang  hésé ditéwakna.
BUTA 2
:
Mugia paduka ngahapunten...  da si éta mah kitu paduka.”matakna ngajedog siah teu apal mah”. ampun paduka.... eu.. eu... abdi gaduh ide Paduka...
RAHWANA
:
Taah hahahahaha... cing cing kumaha ide ilaing téh euy...? geura pok atuh !
BUTA 2
:
Kumaha mun urang jorag waé ka nagarana... Sri Rama urang paténi, Dewi Sinta tos pasti janten milik salira nun...
BUTA 3
:
Ees... tong lalawora kitu... punten gan... manawi ieu ide teh mestilah di rencanakan kalawan asak, jangan sagawayah kitu saja hahaha
RAHWANA
:
Maksud Ilaing...
BUTA 3
:
Maksad téh beginin gan aéh beginun alah kieu gan... “Buta 3 ngaharéwos ka Rahwana”. kitu gan bagaimanaide sayah
RAHWANA
:
Hahahahahaha... teu sangka ilaing pinter ogé euy.... Dewi Shinta junjunan akang... tunggu kakang... kakang datang jungjunan..... heuheueheu



KABARÉT 2
Kacaritakeun di satengahing perjalanan Rahwana nu keur manggul Dewi Sinta di pegat ku Jatayu ...
JATAYU
:
Éét Rahwana anjen wani-wani éta nyulik déwi Sinta... Dék dbawa kamana siah kurang ajar..
RAHWANA
:
És Jatayu...dia montong pipilueun... nyingkah siah ! montong ngahalangan, ieu urusan lalaki deuleu..
JATAYU
:
Teu bisa... tinggalkeun Dewi Sinta... anjeun bisa salamet indit tiieu tempat...
RAHWANA
:
Beu.. teu beunang di lemesan ieu mangkeluk téh....

Rahwana geus teu bisa nahan amarahna, teu lila deur galungan..ngan sakeudeung Jatayu geus teu walakaya.. geus kitu mah Rahwana ngabiur indit deui mawa Dewi Sinta bari nyakakak  bungah taya watesna.
Kacaritakeun dihiji tempat, Sri Rama jeung Hanoman katut kaomna keur bingung nya pipetaeun keur nyalametkeun Dewi Sinta.

SRI RAMA
:
Kakang Hanoman... na kamana atuh nya kudu kumaha atuh urang téh nya  pipetaeun? kaula geus bingung nya kudu kamana néangan pun bojo Dewi Sinta
HANOMAN
:
Hait ... teu kudu bingung teu kudu salempang yayiiii... keun ku kakang jeung barudak urang sanghareupan..... ayeuna kénéh kaula seja pamit...dék ngajorag ka Aléngka...
SRI RAMA
:
Mangga kakang... kaula percanten....
HANOMAN
:
Pasukan...Kumpul-kumpul... (Hanoman ngumpulkeun baladna... laju mangkat nuju ka Aléngka... Wanara mungguh ngasrék)

KABARÉT 3
Kacaritakeun di tamansari karajaan Aléngka... Rahwana keur ngarayu Dewi Sinta...

RAHWANA
:
Duh  Dewi Sinta anu geulis... mun seug salira kersa ka kakang, naon waé kahoyong salira,pasti tinekanan jungjunan...
DEWI SINTA
:
Sanés abdi nolak,dalah takdir titis tulis ti Hyang Widi kuring teu bisa ngahiji jeung andika, sabab apan geus puguh kula nu Rama
RAHWANA
:
Teu bisa... na Rama deui Rama deui...na euweuh nu séjén salian ti si Rama?
DEWI SINTA
:
Hapunten anu disuhun hampura anu di seja kakang, takdir teu bisa di pungkir kadar teu beunang disinglar kakang...

Teu kanyahoan iraha daratangna, pasukan wanara nu di pimpin ku Hanoman jlung jleng ti kalima papat madzhab ngepung rahwana, ngan sakiceup rahwana ngajejekeun sukuna; jlung jleng Pasukan Buta, antukna pasukan buta jeung wanara silih serang....

HANOMAN
:
Yayi Sinta.....
DEWI SINTA
:
Kakang Hanoman...
HANOMAN
:
Hehehe tong hariwang yayi... ayeuna kénéh urang mulang... yayi Ramatos ngantosan yayi......
RAHWANA
:
Haiiit... teu bisakitu waé Hanoman... Léngkahan heula awak kula...samémé andika mawa Dewi Sinta.....

Der duanana tarung silih serang... nu akhirna Rahwana kadéséh teu walakaya... nya kitu deui pasukan buta nu geus Paraéh tiheula...

RAHWANA
:
Ampun Hanoman...Ampuun....
Keur kitu torojol Sri Rama datang... Dewi Sinta muru ngagabrug Sri Rama
SRI RAMA
:
Yayi Sintaaaaa....
DEWI SINTA
:
Kakang Ramaaaaa....
SRI RAMA
:
Duuh bojo akang anu geulis... kakangen kakang tos teu kawadahanieu yayi... Hampura lila teuing Kakang ngantep salira di Alengka
DEWI SINTA
:
Duh engkang panutan kalbu pupujan lahir jeung batin... sami kakang rai ogé sudah kangen berat sama kakang....

Geus kitu Dewi Sinta dibawa mulang ku Rama katut Hanoman jeungpasukan Wanarana ninggalkeun Rahwana nu olohok taya tangan pangawasa. Ningali kitu Rahwana ngan bati sedih cek pikirna hayang ngajorowok ngcéak maratan langit...ngan teu bisa.... Rahwana tinggal sorangan culang cileung terus nyuuh ceurik satarik-tarikna .....

FADE OUT



Bandung, 27 April 2012

Apip Catrixs

Dari Balik Pementasan "TERORIS" Prod. Teater Yudhistira


























Minggu, Maret 17, 2013

Proses Latihan Dasar



TENTANG TEATER YUDHISTIRA


Téater Yudhistira didirikan di Bandung pada tanggal  6 November 2010, didirikan oleh  Apipudin,S.Sos. atau biasa di panggil Apip Catrixs. Kelompok ini didirikan dengan tujuan, untuk memberikan ruang kepada siswa/i di Yayasan Pendidikan Yudhistira Bandung, dalam bidang seni dan budaya umumnya dan pada khususnya bidang Teater/Drama.

Berawal dari praktek mata pelajaran Seni Budaya dan Bahasa Sunda, ada beberapa siswa yang mempunyai keinginan untuk latihan dan selanjutnya menjadi latihan rutin. Awalnya yang mengikuti latihan Cuma beberapa orang, yang diantaranya ada Siti Sarah, Fitri Purnama, Échi Anggraéni.

Teater Yudhistira merupakan Ekstra Kurikuler yang mewadahi siswa/i dari sekolah di bawah Yayasan Pendidikan Yudhistira (SMK Bandung Selatan 1 & 2,   SMK Bandung Utara, SMK  Aqua Vitae, SMA Plus Pariwisata, jeung SMP Yudhistira), tetapi tidak menutup keinginan siswa/i dari sekolah lainnya.

Selanjutnya pada tahun 2011 ada beberapa siswa yang suka ikut latihan, tapi yang bertahan sampai saat ini hanya Sri Rohani, Euis Siti Fatimah, Firda Khaerunnisa dan Rani Kartika.

Alhamdulillah, pada tahun ajaran 2012, anggota Téater Yudhistira yang baru dan tercatat kurang lebih sekitar 50 (lima puluh) orang, sementara yang aktif sekitar 30 orang.